Rabu, 15 Januari 2014

Karangan Bahasan versi sunda

Nyieun Téng – Téng
 
                Téng – Téng geus ilahar dipaké lalawuh. Komo lamun dina poéan lebaran atawa hajatan mah, ampir disaban imah sok ngayagian. Naha rék nyieun sorangan atawa meunang meuli. Tapi leuwih alus meunang nyieun sorangam sabab teu ngandung bahan-bahan anu matak bahaya kana kaséhatan.
            Rasana amis kareueut, kaambeu sengit jeruk nipis. Warnana bodas bersih. Proses nyieun Téng – Téngteu hésé, ngan saratna kudu cepet dina nyétakna sangkan padet henteu béar. Lamun urang teu cepet dina nyétakna, Téng – Téng anu dijieun ku urang moal bener hasilna, malah sok gagal.
            Bahan poko pikeun nyieun Téng – Téng nyaéta béas ketan. Sangkan leuwih alus mah paké béas ketan warna bodas. Mimitina béas ketan diayak heula nganggé ayakan dicandak atawa dipisahkeun nu arageungna. Tos kitu béas ketan diisikan dina boboko sangkan bersih.
            Lamun béas ketan tos bersih, wadahan béas ketan kana baskomkeun bari dikeeuman ku cai sawengi. Tos dikeeuman, tuuskeun béas ketan dina boboko. Lamun tos tuus, tuluy di sepan kana langseng. Upami tos asak, di poé bari di képrét – képrét nganggo cai sangkan teu genclek, tos garing namina aron teras digoreng.
            Bari ngagoreng aron, godogkeun gula bodas nganggo saséndok cai jeruk nipis. Upami tos rumamat, brek aron nu tos digoreng bari di aduk – aduk sangkan rata. Tos kitu, dicitak dikeretan. Janten wén Téng – Téng.

Fitria Diana Putri

Artikel versi sunda

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda
Ku : Dhipa Galuh Purba

            Ku ayana kamekaran téknologi internet nu  ngarambah nepi ka tepis wiring, tetela mawa pangaruh nu kalintang hade kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi da
tangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
            Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
            Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.
            Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsÉr, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa  didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.
            Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.
            Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
            Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah silih asih jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
            Lamun silih asah, silih asih, jeung silih asuh geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti Sunda téh Éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, Sunda mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.

Karangan Eksposisi versi sunda

Nyieun Goréng Ulén

            Goréng Ulén geus ilahar dipaké lalawuh. Komo lamun dina poéan sukuran di palemburan atawa dibarengan jeung cai kopi panas. Naha rék nyieun sorangan atawa meunang meuli. Tapi mun meunang meuli mah pasti mahal kusabab nu ngajualna hayang meunang bati. Pangna disebut goréng ulén sabab bahanna ketan anu diuleni (ditutu).
            Rasana asin ka ambeu bau kalapa meunang marud. Warnana bodas bersih ngan mun geus digoréng warnana jadi bodas semu soklat. Prosés nyieun goréng ulén teu hésé. Bahan anu dibutuhkeun nyaéta béas ketan, parud kalapa, uyah, daun cau, jeung minyak kalapa kanggo ngagoréngna.
            Ngawitan béas ketan di kumbah atawa diisikan dina boboko teras dituuskeun. Tos kitu di sepan kirang langkung satengah jam upami tos timus di jait teras di gigihan (ari nami di gigihan téh béas ketan satengah mateng dibanjur ku cai). Upami tos bekah, di sepan deui sareng parud kalapa bari ditambahan uyah sangkan asin teras ditutupan ku daun cau dugi ka asak kirang langkung 40 menit.
            Upami tos asak, dijait kana baskomkeun teras ditutuan dugika dalit. Teras di elérkeun dina daun cau. Tos kitu di keretan aralit sangkan gampil ngagoréngna. Janten wén Goréng Ulén.