Nyieun Téng – Téng
Téng – Téng geus ilahar dipaké lalawuh. Komo lamun dina poéan lebaran atawa hajatan mah, ampir disaban
imah sok ngayagian. Naha rék nyieun sorangan atawa meunang meuli. Tapi leuwih
alus meunang nyieun sorangam sabab teu ngandung bahan-bahan anu matak bahaya
kana kaséhatan.
Rasana
amis kareueut, kaambeu sengit jeruk nipis. Warnana bodas bersih. Proses nyieun Téng
– Téngteu hésé, ngan saratna kudu cepet dina nyétakna sangkan padet henteu béar. Lamun urang teu cepet dina nyétakna, Téng – Téng anu dijieun ku
urang moal bener hasilna, malah sok gagal.

Lamun
béas ketan
tos bersih, wadahan béas ketan kana baskomkeun bari dikeeuman ku cai
sawengi. Tos dikeeuman, tuuskeun béas ketan dina boboko. Lamun tos tuus, tuluy di sepan
kana langseng. Upami tos asak, di poé bari di képrét – képrét nganggo cai sangkan teu genclek, tos garing namina
aron teras digoreng.
Bari
ngagoreng aron, godogkeun gula bodas nganggo saséndok cai jeruk nipis. Upami tos rumamat, brek aron nu
tos digoreng bari di aduk – aduk sangkan rata. Tos kitu, dicitak dikeretan.
Janten wén Téng –
Téng.
Fitria Diana Putri
Tidak ada komentar:
Posting Komentar