Senin, 13 Januari 2014

Membuat surat versi sunda

Padahérang, 26 Désémber 2012

Kahatur,
Rima Anggraeni
di Perumahan Angin Ribut

            Salam Sono,
            Kumaha kaayaan Rima sareng kulawargi di Padahérang? Nuhun upami damang mah. Ieu mah sanés heureuy, sanés banyol, Fitria téh kacida sonona ka Rima di Padahérang. Iraha Rima bade ameng ka Banjar? Suang jajan baso di Mang Élon kawas kapungkur geuning. Kapungkur ogé pan Rima mah séép tilu mangkok, alesanna mah lapar padahal mah doyan wén.
            Inget kénéh basa nuju ameng di Lapang Golf, harita Rima dipoyokan ku barudak pédah Otong sok nyaketan Rima alesanna mah narosken pancén-pancén ti Pa Ganjar nanging padahal mah kabita hoyong nyepeng hapé BB cenah. Ség téh pas tos nyepeng hapé BB mah si otong téh ngaléos wén. Inget waé tah kajadian éta téh. Duh Teu karaos nya, tos sataun Rima pindah ka Padahérang. Mani asa sepi teu aya Rima di Sakola mah, teu aya anu sok céréwéd saur Pa Maul mah. 
            Rima, sakieu hela wé nya, bilih kapanjangan teuing. Salam wé kanggo sadaya kulawargi didinya. Nuhun upami Rima enggal-enggal ngabalesan.

Sonona, 

Fitria Diana Putri

Tidak ada komentar:

Posting Komentar