Nyieun Goréng Ulén
Goréng
Ulén geus ilahar dipaké lalawuh. Komo lamun dina poéan sukuran di palemburan
atawa dibarengan jeung cai kopi panas. Naha rék nyieun sorangan atawa meunang
meuli. Tapi mun meunang meuli mah pasti mahal kusabab nu ngajualna hayang
meunang bati. Pangna disebut goréng ulén sabab bahanna ketan anu diuleni (ditutu).

Ngawitan
béas ketan di kumbah atawa diisikan dina boboko teras dituuskeun. Tos kitu di
sepan kirang langkung satengah jam upami tos timus di jait teras di gigihan
(ari nami di gigihan téh béas ketan satengah mateng dibanjur ku cai). Upami tos
bekah, di sepan deui sareng parud kalapa bari ditambahan uyah sangkan asin
teras ditutupan ku daun cau dugi ka asak kirang langkung 40 menit.
Upami
tos asak, dijait kana baskomkeun teras ditutuan dugika dalit. Teras di elérkeun
dina daun cau. Tos kitu di keretan aralit sangkan gampil ngagoréngna. Janten wén
Goréng Ulén.
Fitria Diana Putri
Tidak ada komentar:
Posting Komentar